Kalimah (basa Sunda)
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
| Topik basa Sunda |
|---|
|
|
Wangun Kalimah
Kalimah Salancar
Kalimah salancar diwangun ku hiji jejer (J) jeung hiji caritaan (C).- Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Jembar.
- Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih (O+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Basajan.
| Kalimah Salancar | Pola | Conto | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
| Basajan | J C (O+) |
|
||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| Jembar | (K+) J C (O+) (K+) |
|
Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta
- katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamari, ayeuna, isuk, wanci, jam, jsb.
- katerangan tempat:
- maké kecap-kecap pangantét: ti, di, ka, nepi ka, dina.
- maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeun, wétaneun, katuhueun, jsb.
- katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeun, demi, enggoning.
- katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina maké: ku, kana.
- katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabab, lantaran
- katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jiga, kawas, saperti, cara
- katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeung, babarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.
Kalimah Ngantét
Kalimah ngantét (id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:- Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa sadarajat.
- Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya kalimah sélérna.
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
| Hubungan | Conto |
|---|---|
1. Hubungan nambah
|
|
2. Hubungan lalawanan
|
|
3. Hubungan pilihan
|
|
Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh maké baju batik. (B) Awéwé téh geulis kacida.
Gumantung kana kumaha nyélérkeunana, (A) atawa (B) bisa jadi kalimah lulugu.
- (A) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu geulis kacida téh maké baju batik."
- (B) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu maké baju batik téh geulis kacida."
| Hubungan | Conto |
|---|---|
|
1. Hubungan waktu: saprak, ti mimiti, basa, nepi ka, saméméh, sanggeus, waktu, jsb. |
|
| 2. Hubungan sarat: saupama, lamun, asal, jsb. | Manéh pasti junun sakola lamun diajarna rajin. |
| 3. Hubungan tujuan: sangkan, supaya, ambéh | Ambéh teu ceurik deui, budak téh dipangku geura. |
| 4. Hubungan babandingan: saperti, ibarat, kawas, tibatan | |
| 5. Hubungan sabab: sabab, lantaran, alatan | |
| 6. Hubungan akibat: nepi ka, akibatna, nu matak, ku kituna | |
| 7. Hubungan cara: kalawan, ku cara, bari | |
| 8. Hubungan kanyataan: padahal, ari, sedengkeun | |
| 9. Hubungan pangjéntré yén | |
| 10. Hubungan atributip: anu ..., nu ...-na | |
| 11. Hubungan konsésip: sanajan, sakumaha/kalah kumaha/naon/saha .. (baé) ogé |
Fungsi Kalimah
Kalimah Wawaran
Dina conto-conto kalimah salancar jeung kalimah ngantét saacanna, kabéhanana mangrupa kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu ngawawarkeun atawa ngabejaan ka batur ngeunaan hiji kajadian atawa kalakuan.Kalimah Pananya
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu ngabogaan fungsi pikeun nanyakeun hiji hal, bisa mangrupa jalma, kajadian, kalakuan, sabab, jsb.Pikeun ngawangun kalimah pananya, aya sababaraha cara:
(1) Lentong (id:intonasi) dirobah jadi lentong kalimah pananya jeung dina tulisan ditungtungan ku tanda tanya.
|
(2) Maké kecap naha enya di hareupeun kalimah wawaran.
|
(3) Malikkeun susunan kalimah wawaran, anu asalna J C, jadi C J.
(4) Maké kecap pananya, gumantung kana anu rék ditanyakeunana.
|
(5) Maké kecap lain atawa sanés (ragam hormatna)
|
- saha mamah na aji?
- saha nuteu milu upacara poe senen kamari?
Kalimah Paréntah
Kalimah paréntah nyaeta kalimah anu eusina mah nitah ka nu lian sangkan migawe pagawean. Kalimah parentah sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!)Kalimah parentah bisa dipasing-pasing jadi sababaraha bagian, saluyu jeung eusi atawa maksud nu dikandungna:
A. Kalimah Panitah
Contona:- Tutupkeun pantona, Mang!
- Pareuman televisi teh!
- Cangcang domba teh!
B. Kalimah Pangajak
Contona:- Jun, maen bal, yu!
- Meuli tahu, yu ah!
- Hayu urang diajar ngadongeng!
C. Kalimah Pangharepan
- Mugi anjeun enggal damang.
- Muga-muga urang jadi juara kahiji.
- Mugi-mugi sadaya siswa VIII tiasa naek kelas.
D. Kalimah Panyaram
- Ulah diuk di jalaneun, atuh!
- Ulah kitu, atuh!
- Teu kenging hitut di kelas, bau!
E. Kalimah Pangjurung
- Jung geura salin ari rek milu ka Bogor teh.
- Sok geura diajar ti ayeuna!
- Bakal dipasihan geura upami nyuhunkeun mah.
F. Kalimah Panggeuri
- Anu sabar we, lamun bapa anjeun keur teu damang.
- Sing tabah, nya, urang mah jalma teu boga.
- Sabar, nya, lamun nyanghareupan masalah teh.
Wanda Kalimah
Kalimah Aktip jeung Pasip
1. Kalimah aktif nya éta kalimah anu jejerna migawé hiji pagawéan.- Contona: Titi meuli daging.
- Contona: Daging dibeuli ku Titi.
Kalimah Resiprokatif/Babalesan
Kalimah resiprokatif nyaeta kalimah anu subyekna migawe pagawean kalawan pabales-bales. Titenan contona:- Dion jeung Doni mah silih toel.
- Ulah silih ciwit bae bisi ceurik.
- Saha eta nu keur patarik-tarik lumpat di lapang?
Kalimah Langsung jeung Teu Langsung
- Kalimah langsung nyaeta kalimah nu dikedalkeun langsung ku panyaturna. Kalimah langsung sok ditulis (dihapit) make tanda kekenteng ("...")
- Kalimah teu langsung nyaeta kalimah anu heunteu dicaritakeun langsung ku panyaturna, sipatna naratip (nyaritakeun)
Kalimah Transitip jeung Intransitip
Kalimah Sampurna jeung Teu sampurna
Warna Kalimah
Kalimah Barang
Kalimah barang nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap barang.Conto:
- Si Udin téh jadi panumbu catur dina acara paturay tineung.
- Singhoréng bapana téh dokter.
- Témbokna beton kabéh.
Kalimah Pagawéan
Kalimah pagawéan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap pagawéan.Contona :
- Budak keur dahar.
- Nina ceurik.
- Barudak sakola keur dialajar.
Kalimah Sipat
Kalimah sipat nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap sipat atawa kaayaan.Contona:
- Buluna bodas.
- Budak téh bageur.
- Dudu gering.
Kalimah Bilangan
Kalimah bilangan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap bilangan.Contona:
- Paingan anakna loba.
- Daharna téh ngan ukur sapiring leutik.
- Jerona kurang leuwih 1000 méte https://su.wikipedia.org/wiki/Kalimah_%28basa_Sunda%29





